'Sampurasun Baraya Ibn Ghifarie Area Alakadarisme'-'Sampurasun Baraya Ibn Ghifarie Area Alakadarisme'

Ghifarie Area Alakadarisme Nya.....!!

Mencoba Mengumpulkan Yang Berserak, Karena Ide Tak Sekedar Dalam Pikiran. Melainkan Lewat Tulisan!! “Semua harus ditulis. Apa pun jangan takut tidak dibaca atau diterima penerbit. Yang penting tulis, tulis, tulis dan tulis. Suatu saat pasti berguna,” Pramoedya Ananta Toer

 
Wilujeung Sumping Di Blog Alakadarna. Mangga Baraya Tiasa Nyerat, Nafsirkeun, Ngomentaran Dugikeun Milarian Jati Diri Sewang-Sewangan.
Bubuka Sajak Babaledogan Coretan Forum Sawala
Milarian Nyalira Wae

Kokolot Urang
Orhanisasi Baraya
Ormas Alot
Rerencangan
Tempat Nyiar Elmu
Tempat Curhat Abdi
Noong Warta
Ngintip Warta
Kaping Sabaraha Yeuh
Ngintip Baraya
free web counter
free web counter
Kampanye



KabarIndonesia

Thursday, January 04, 2007
Ngobrol 'Embung Nulis'

Sampurasun......
Cing pang neangankeun obatna baraya!!

Kieu caritana teh, sababaraha poe katukang, simkuring jeung warga Forum laina karandapan payakit males keur ngadamel tulisan teh. Boh anu aya patula patali jeung media, coretan didinding, atawa keur ngabenggerah hate. Es tuning teuaya dulur....

Walhasil, asa hoream we ninggali komputer, tulisan dina diary. Nya kusabab hiji-hiji kumpulan di Forum ujug-ujug ngaleungit. Dukigeun aya kabar miring, `boa-boa aya anu nutup soalna tulisana matak beureum anu maca atawa anu ninggali. Komo deui keur pajabat mah, cenah eta oge`.

Tapi saengges dibulak-balik dipikiran, sigana goreng oge lamun terus-terusan siga kieu mah. Atuh rek iraha maju kawas batur, tulisana bisa dibaca ku balarea, dugikeun jadi bahan rujukan anu agung.

Tah...tisaprak harita, teuing kunaon bet hayang muka blog sagala, yahoo.360, kumpulan penulis indonesia atawa forum upi, ajngkita, beda pebdapat. Padahal geus lila teu muka-muka acan. Komo deui ngisian tulisan mah. Tangtuna bari ninggalian tulisan anu laleungit di situs ieu.

Ah..ieu mah susugana wae. Nya bener aya saba-baraha hiji coretan kapanggih sanajan bari teu puguh pulungeun jeung teu lengkap oge tulisana. Da anu penting mah tong nulis deui ti awal, soalna sok beda deui caritana. Lain deui pamaksadana. Pangpangna mah bakal tambah males...

Atuh mudah-mudahan urang sadyana tiasa nyandak hiji hikmah tina kajadian eta. Pami bade ngdamel tulisan teh sing tatan-tatan, tong gurung gusuh. Komo deui langsung teu di konsep heula. Atuh anu jauhna teu diketik dina window, atawa teu di titipkeun dina blog, yahoo.360 jeung web anu laina. Pokonamah bakal nyesel pisan....

Cing saur dulur salain ngadamel tindakan eta, kinteun-kinteun naon deui nya supados coretan teh teu leungit deui?

Mangga ah...tulis Ibn Ghifarie[Cag Rampes,01/10;15.34 wib]

Ass.

Duh leres pisan kang buledz upami kahilangan tulisan mah asa kalengitan kaperjakaan nya...??? tapi abi mah percanten da ka kang buledz mah jalmina teh tak kenal menyerah dan te pundungan (eta oge mun lain masalah hate letiknya...!!! ) buktina ayena tos nulis dei, tah ari simkuring mah matak resep ka kang buledz teh jalmina bager ,pinter jeng nu lebih resep namah sok ngabodor sabari ngabodorna teh ilmiah, teterang siganamah kang buledz mah sanes tuang sangu tapi tuang na teh buku,komputer,pulpen,kertas jeng eetna oge sanes cai tapi ngobrol (heheheheeh ).

janten kang buledz teh tong eleh ku malesnya jeng ku jurig pang-pang na mah.

led terus nulisnya meren weh lewat tulis-menulis biledz teh janten jalmi nu.....wah lah pokonamah. omatnya tong hoream dei, celetuk Hendri Setiawan Ketum HMI Kom Ushuluddien Cab Kab Bandung.


"Lamun teu salah.... anu salila ieu ku urang2 ditulis taya lain mangrupa pikiran2 atawa gagasan lawas (heubeul), lain anu anyar. Tah..... mangsa pikiran2 eta beak, akhirna jadi males nulis, da tiap nyanghareupan monitor jadi kalah bingung naon anu kudu ditulis.
Numutkeun pamadegan & pangalaman kuring, hal ieu dilantarankeun kusabab urang arang langka diskusi.

Padahal, diskusi mangrupa "arena" anu cocog jeung loyog pikeun lahirna ideu-ideu atawa gagasan anyar....!!!

Kumaha tah?????", Celengkeungan Leled Samak, Alumni Perbandingan Agama Fakultas Ushuluddien UIN SGD Bandung.


Cag Rampes,05/11;15.34 wib


posted by ibn ghifarie @ 8:29 AM  
0 Comments:
Post a Comment
<< Home
 
Pribados

Name: ibn ghifarie
Home: Bungbulang Garut-Selatan (Garsel), Jawa Barat, Indonesia
About Me: Assalamu`alaikum Wr. Wb. Salam pangwanoh sikuring urang Kanangwesi Bungbulang Garut Selatan. Ayeuna, nuju milarian pangaweruh dipuseureun dayeun Kotakemang.Sasakali, nyerat, ngobrol, ngablog oge teu hilap. "Maka Ambillah Pena!!" Wassalamu`alaikum Wr. Wb.
See my complete profile
Paririmbon
Jang-Jawokan
Isian Wae Baraya

Ngahub Wae
Kana email: ibn_ghifarie@yahoo.com, ibnu.ghifarie@gmail.com atanapi ka +6281809409807
Kampanye





© 2005 Ghifarie Area Alakadarisme Nya.....!! Template by Isnaini Dot Com

"Baca, Tulis, Bergerak dan Lawan".
"Semoga segala hal yang berkenaan dengan keluh-kesah kita bermanfaat kelak dikemudian hari. Amien."

.:/Sejak 27 Juli 2006\:.